Laman

Rabu, 23 Januari 2013

Conto Sajak Sunda

Kaendahan Bulan Jeung Bentang

Dina wengi harita
Abdi kaluar ti imah
Teu kahaja ninggal kaluhur
Katinggal aya bulan anu caang
Caangna dugi kabumi
Nyaangan mahluk nu aya di dunya
Dina unggal wengina

Ret deui kaluhur,
Katinggal aya bentang-bentang
Anu keur cing kariceup
Subhanalloh endah pisan wengi harita
Abdi tiasa ninggal
Ciptaan Alloh nu aya di langit wengi

Endah pisan wengi harita
Abdi tiasa ninggal
Bulan nu nyaangan bumi
Sareung bentanng-bentang
Anu ngahias langitna

Tapi abdi, moal tiasa ninggal deui
Kaendahan anu sakitu endahna
Dina wengi anu sanesna
Sok sanajan di antos-antos



Karya : Siti Arifatul M

Tidak ada komentar:

Posting Komentar